
Contoh Biantara Tema Cita-cita
Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh
Sampurasun....
Girang pangajén hormateun simkuring, bapak
kalih ibu guru pangaping hormateun simkuring, ogé para pamilon pasanggiri
biantara anu kusimkuring dipikareues.
Sateuacana, hayu urang panjatkeun puji
sinareng syukur ka Gusti nu Maha Gopur, anu
tos masihan kasehatan ka urang sdayana, sangkan urang tiasa patepung lawung
paamprok jonghok dina tempat ieu. Teu hilap sholawat sinareng salam mugi-nugi salamina
neras ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadayana Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para shohabatna, tabiin tabiatna, sareng mugi-mugi tepi ka urang
salaku umatna anu istiqomah di jalanna. Amin YRA… .
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Hatur nuhun kasadayana anu tos ngaluangkeun waktos dina kasempetan ieu. Dina
dangeut ieu simkuring bade ngajak kasadayana anu aya di ieu tempat kanggo
nginget-nginger perkawis sakumaha pentingna urang ngagaduhan cita-cita atawa
impian.
Hadirin anu dipihormat,
Sadayana anu aya di ieu tempat pasti
ngagaduhan cita-cita. Ngagaduhan cita-cita teh penting kanggo urang sadayna
sangkan urang sumanget dina ngajalanken kahirupan. Naon atuh citacita teh?
Nyaeta tujuan hirup urang sadayana, lamun urang teu ngagaduhan cita-cita urang
engke bakal mogok di tengah jalan. Urang bakal bingung sabab urang teu boga
tujuan tina hirup.
Jadi urang teh kedah ngagantungkeun
cita-cita urang sajangkung langit sangkan urang getol diajar kanggo ngahontal
cita-cita. Sareng urang salaku pelajar oge pasti terang kumaha carana sangkan
urang tiasa ngahontal cita-cita urang, nyaeta kucara diajar sing getol.
Hadirin anu dipihormat,
Ngahontal cita-cita teh teu hese lamun
urang saenya-enya diajarna di sakola sareng urang ulah kajerat ku pergaulan anu
salah. Lamun saenyana ngahontal cita-cita teh hese, tapi da lamun di tedunanmah
pasti bakal kacumponan eta cita-cita urang. Apan aya paribasa anu ngagambarken
nyaeta: “cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok, mun sakola suhud estu,
kapinteran moal kagok”. Eta ngagambarken sakumaha hesena oge urang ngahontal
cita-cita, tapi lamun dileukeunan saeutik-saeutik ti ayeuna pasti cita-cita eta
teh bakal katedunan ku urang sadayana.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Di jaman moderen
ieu urang kudu pinter-pinter ngagunaken tehnologi seperti: HP, leptop, jeung
sajabana sangkan leuwih gampang kanggo ngahontal cita-cita urang sadayana.
Sabab tehnologi tiasa masihan kagampangan ka urang sadayana dina milarian elmu
pangaweruh sepertos internet.
Sabab kukituna
urang ulah asa-asa kanggo ngagaduhan cita-cita anu luhur. Urang kudu percanten
ka diri pribadi yen urang teh tiasa ngahontal eta cita-cita.
Rupina sakitu wae nu tiasa kapihatur
mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Tutus langkung tepang halang, nutus tepus
henteu lurus, melak jamarak teu rata, ayakan lepat kepangna. Hapunten ka sadayana.
Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh