Berita


Contoh Biantara Tema Ngamumule Basa Sunda

Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh

Sampurasun....

Girang pangajén hormateun simkuring, bapak kalih ibu guru pangaping hormateun simkuring, ogé teu hilap kanca mitra anu dipikareues sareng dipikadeudeuh.

Minangka bubuka catur, hayu urang sami-sami deuheusken Puji syukur ka Gusti nu Maha Suci, Pangéran Nu Murbéng Alam, Allah SWT. anu parantos ngalungsurkrun pirang-pirang rohmat ka urang sadaya dugi ka tiasa patepung saur pataréma basa, dina raraga pasanggiri biantara basa sunda, Festifal Tunas Bahasa Ibu taun 2023. Salam kawilujengan mugi neras ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nyatana habibana wa maulana Muhammad SAW.  natrat ka para kulawargana, para shohabatna, sarta ka sakum umatna anu salamina tumut tur taat kana ajaran manten-Na, mudah-mudahan kalebet urang nu aya di ieu patempatan. Amin YRA… .  

Hadirin anu ku simkuring dipihormat,

Dina kasempetan ieu, simkuring ngaraos bingah, dipasihan kapercantenan kanggo bintara dina acara pasanggiri. Anapon simkuring ayeuna seja medar perkawis pentingna “ngamumulé basa sunda”. Naha kitu bet penting kudu dimumulé basa sunda téh? Mangga urang kawitan ku nilik kana salah sawios diménsi Profil Pelajar Pancasila, anu ayeuna keur jadi sabiwir hiji di dunya pendidikan.

Salah sawios diménsi anu dimaksad kusimkuring di luhur, nyaéta “Berkebhinekaan Global”, lamun dijéntrékeun, maksad berkebhinekaan global téh urang kudu bisa narimakeun jeung hormat kana sagala budaya énggal anu saé, urang kudu ngabogaan jati diri nu sajati nu ngagambarkeun budaya luhur bangsa.  

Nah, didieu basa sunda teh kalebet salah sawios jati diri pikeun urang sunda. Benten deui sareng urang Jawa, tangtos aranjeuna ngamumulé basa Jawa.

Kukituna penting pisan urang salaku urang sunda, anu lahir jeung cicing di tatar sunda , miara kana basa sunda. Kucara :

  1. Reueus nyarita maké basa sunda lamun urang gaul di wewengkon sunda. Ulah nepika kolot urang asli ti sunda, cicing di wewengkon sunda, tapi diajak gunem catur make basa sunda, teu ngarti. Jawab na teh “ih ngomong apaan sih kamu?” Cik, simkuring bade tumaros, seueur didieu nu kitu seueur? Astagfirulloh....
  2. Terus sumanget diajar basa sunda anu bener tur merenah, utamina dina undak-usuk basana.

Simkuring oge rumaos, teu acan tiasa cumarios ngangge basa sunda anu leres. Nah, salah sawios cara simkuring diajar nyaéta ku ngiringan pasanggiri ieu.

Hadirin anu sami linggih,

Cindekna mah ngamumulé basa sunda téh sarua jeung ngajaga kautuhan Nagara Kasatuan Republik Indonesia. Lamun teu ku urang, nya kusaha deui? Lamun teu ti ayeuna, nya iraha deui? hayu urang pada-pada reueus tur ngamumulé  basa sunda. Ulah nepika kena ku paribasa jati kasilih ku junti, maksadna basa sunda ka séréd ku basa deungeun nepika leungitna. “Jati tong kasilih ku junti, taman tong kaliung ku situ”.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat,

Mudah-mudahan naon baé anu didugikeun nemé, aya mangpaatna kanggo urang sadaya, khususna kanggo nonoman sunda. Haturnuhun kana sagala perhatosanana.

Siraru ngapung ka luhur

Panon poé bijil te wétan

Sakitu anu kapihatur

Hapunten bilih aya kalepatan

Hurip Sunda!

Wabillahi taufiq wal hidayah,

Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh

Kontak

Alamat :

Kp. Bunihayu RT 01 RW 03 Desa Girimukti Kec. Cikelet

Telepon :

085294150000

Email :

hdi_bw@yahoo.com

Website :

sdn2girimukticikelet.sch.id

Media Sosial :

Video

Video MPLS Tahun Pelajaran 2021/2022

Berita Terbaru

PILDACIL Menjadi Pemimpin Yang Adil

PILDACIL Menjadi Pemimpin Yang Adil

Menuju Sekolah Yang BETAH

Menuju Sekolah Yang BETAH

Pencairan PIP Tahun 2024

Pencairan PIP Tahun 2024

Contoh Biantara Tema Cita-cita

Contoh Biantara Tema Cita-cita