
Contoh Biantara Tema Hormat Tilawat ka Indung Bapa
Assalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh
Sampurasun....
Girang pangajén hormateun simkuring, Bapak
kalih Ibu guru Pangaping hormateun simkuring, ogé para pamilon pasanggiri
biantara anu ku simkuring dipikareueus.
Muji syukur kanu Agung anu sipat rohman rohim, mugi Gusti ngaijabah kana
pamaksadan urang sadaya. Gusti nu parantos nakdirkeun urang sadaya tiasa
patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan kalayan sehat wal afiat. Salam
sembah kahaturkeun ka jungjunan Robul gopur, ka Nabi anu terakhir nu kalebet
Ulul Azmi, nyatana habibana
wa maulana Muhammad SAW. natrat ka para
kulawargana, para shohabatna, teu kakantun kasadaya nu
linuhung, mugi-mugi aranjeuna aya dina rohmat Gusti. Amin YRA… .
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Sateuacana hapunten anu kasuhun bilih kirang tata krama, maklum abdi nu ti
kampung, keuna ku paribasa laur kampung, geulis sisi, sonagar desa. Para
hadirin anu sarumping, dina kasempetan anu kalintang saéna ieu, abdi seja medar
perkawis “Hormat Tilawat ka Indung Bapa”. Salapan bulan urang dikandung, indung
teu ngarasula, sabar lillahita’ala. Gubrag na urang kadunya tarohana nyawa. Indung
nu parantos ngalakukeun 6 (genep) N keur urang. Terang naon eta 6 N teh? 6 N
teh nyaeta: ngandung, ngalahirkeun, nganyusuan, ngarawat, ngagedekeun, sareng
ngadidik urang salaku anakna.
Pon kitu deui nu jadi bapa, teu sirikna suku dijieun hulu, hulu dijieun
suku. Dug hulu pet nyawa, pikeun ngabahagiakeun urang nu jadi anakna. Pikeun
melaan anakna supaya ilahar jeung batur boh dina pakean atanapi nu sanesna.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Harta banda nu ngaleuya, salieuk sagala aya, moal mahi pikeun urang mulang
tarima ka indung reujeung ka bapa. Iwal ti hormat tilawat ka indung reujeung ka
bapa, ngageunahkeun pikiranana, teu ngarobeda hatena, InsyaAllah kolot urang
bakal bungaheun sarta bakal ngadokaeun urang sangkan bagja tur salamet dunya
akherat. Inget, ridona Allah nyaeta
ridona kolot urang, murkana Allah nyaeta murkana kolot urang oge. Ulah
sok munjung ka gunung, ulah muja kasagara. Munjung mah kudu ka indung, muja mah
kudu ka bapa.
Ayeuna urang nuju sakola, tingalikeun ka indung
bapa yen urang soson-soson dina diajarna, rengkak paripolah urang anu saluyu
jeung aturan agama jeung darigamana. Tangtos hal eta anu dipiharep ku kolot
urang sadaya.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat,
Cindekna mah indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat.
Lamun urang hayang hirup waluya, salamet dunya akherat kudu jadi anak anu
ngabakti ka kolot bari ngadoakeun. Ulah jadi anak anu doraka ka kolot. Nyuhunkeun
dihapunten tina sagala kalepatan urang. Ku keclakna cipanon indung jeung bapa
InsyaAllah sagala pamaksadan diijabah.
Sakitu anu kapihatur, boh bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon,
carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, aya
mangpaatna kanggo urang sadayana.
Wabillahi taufiq wal hidayah
Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokaatuh